Minggu, 30 Oktober 2011

humor

Aya nini-nini turun tina angkot tuluy mayar bari ngasongkeun duit 500 ka kondektur.

Kondektur : "Nini ... Kurang atuh ongkosna""

Nini : "Kurang kumaha Ujang..?"

Kondektur : "Enya kurang nini.. maenya ngan 500..!!"

Nini : "Haar ari Ujang... Tadi aya budak mayar 1.500, terus aya deui budak nu turun ngan mayar 1.000..!!"

Kondektur : "Sumuhun nini..!! Itu tadi budak nu make calana panjang budak SMA mayarna 1.500, terus tadi anu make calana pondok eta budak SD mayarna 1.000 niniii..!!

Nini : "Wah lamun kitu mah nini teu kudu mayar.... Mana kadieukeun deui duit nini..!!!" (Bari ngarebut duit 500 nu tadi dibikeun ka Kondektur..)

Kondektur : " Haaaar..!! teu mayar kumaha ari si nini...?"

Nini : "Enya teu kudu mayar atuh Ujang... Da nini mah keur teu make calanaaa.... weew...!!!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar